Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah.
Barudak awéwé mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu borokokok.
Unggal badé réngsé palajaran, anjeuna sok ngetést murid-muridna.
Poé kahiji.
“Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal irregular verb,
anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! “, saur ibu guru Lia.
“Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! “, ibu ngancem
“Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !”, ibu guru Lia naros.
“Bring – brought – brought, hartosna nyandak”
“Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !”, si Yogi katelah tukang heureuy.
“Dag – dig – dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR”.
“Nangtung dihareup ! Dadan ! “
“Brang – bréng – brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu gaduh béas”
“Nangtung dihareup ! Dikdik ! “
“Begang – begéng – begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih “
“Nangtung dihareup ! Yusuf ! “
“Dar – dér – dor, hartosna perang di Irak jeung Paléstina”
“Nangtung dihareup ! Mulyana ! “
“Pak – pik – pek, hartosna abdi bébérés di bumi “
“Bohong manéh mah tara bébérés .Nangtung dihareup ! Dadang !
“Blag – blig – blug, hartosna si Atun diajar leumpang “
“Nangtung dihareup ! Nandang ! “
“Brak – brik – brek, hartosna awut-awutan “
“Nangtung dihareup ! Naddy ! “
“Plak – plék – plok, hartosna bararahé “
“Masingna asé réhé atuh ! Nangtung dihareup ! Adhi ! “
“Cas – cis – cus , hartosna nyarioskeun batur “
“Nangtung dihareup ! Kabéh baralegug ! Déddy ! “
Si Déddy téh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun ditanya.
Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia.
Bakating ku geumpeur, ari seduuut …. téh hitut !
“Brat – brét – brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan : ” Kaluar kabéh ! “, ibu Lia bendu.
Poé ka dua.
“Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal present continous,
anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! “, saur ibu guru Lia.
“Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! “, ibu ngancem
“Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !”, ibu guru Lia naros.
“Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan “.
“Manéh nu istuning belegug pisan mah ! Déni !
“Déy weureu daun (they were down), hartosna mereka weureu daun”
” Weureu daun naon manéh téh Déni ?!, kahareup kabéh ! Matak TBC
ngajar barudak kawas kieu mah !”, bu Lia bendu.
” Ah moal bu, buktosna pun rama ngajar di KTB TC séhat-séhat saja tuh….”
” Heueh da gajihna béda jeung guru SD ! “





























Hahahahahaa
Lucu pisan euy!
Salam Kenal PAk SOlihin dari rizqi aWAL.
Oh iya nih ustadz web blog saya http://www.awal2007.blogspot.com
huey huey huey……duh Liez seuseurian nyarira yeuh macana ge….janteun emut baheula hehe.
kang solihin ieu abdi nu kantos ngirim mail, respon carita dinu Dudung.net…emut teu?
Kanggo Liez, insya Allah emut.
Nuhun.
Oya, bodoran sunda ieu itung2 ngemut2 lalampahan
subhanallah, lucu.
nemu dimana ide ginian ?
Hahahahahaha..
lenger pisan yeuh nu ngadamel bobodoran ieu. Nyaan pisan beuki heureuy yeuh jelema
Teu kuat simkuring nyeri kulit beuteung jeung rembay kucipanon bakating kungeunah-ngeunahna seuri!
[...] [http://osolihin.wordpress.com/2007/04/04/test-basa-inggris/] _________________ [...]
[...] [http://osolihin.wordpress.com/2007/04/04/test-basa-inggris/] _________________ [...]
Kang Solihin..minta info mengajar Bahasa Inggris di Kuningan or cirebon bisa ga..Terima kasih ya Kang.Saya suka tinggal disini..mudah2an rekan di kuningan bisa kasih info saya. Terima kasih sebelumnya.
Hahahahahahha.. heheuy deudeuh…
Lucu pisan geuningan Kang!
Nuhun ah, ieu mani nyeri kulit beuteung.. :p
hehehe.. aya-aya wae…
sae pisan lah kanggo hiburan…
teu tiasa nyarios nanaon mung tiasa seuri teras teu tiasa liren yeuh !!! hahahahaha….. lucu pisan