Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka Ginza Jepang.Geus jam 2 beurang can dahar waé, atuh puguh lapar pisan.
“Mah lapar henteu?”, ceuk Abah
“Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu”
“Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureun”
“Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula”
“Tuh aya restoran nu palayana maké robot!”
“Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana”
Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.
Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.
Enya waé palayana téh robot.
Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong :
“What is your nationality?”, robot nanya.
“Indonesia” ceuk Abah.
“Selamat datang”, ceuk robot maké bahasa Indonesia.
“Apa bahasa suku Anda?”, robot nanya deui.
“Sunda”, ceuk Abah.
“Wilujeng sumping. Badé pesen naon?” ceuk robot maké basa Sunda.
“Aya lotek?”, ceuk urut kabogoh nanya ka robot.
“Aya”
“Pesen dua porsi”
“Porsi ageung atanapi alit?
“Porsi ageung”
“Sabaraha céngékna?”
“Nu hiji dua, nu hiji sapuluh”
“Nganggo kangkung?”
“Enya”
“Nganggo waluh?”
“Enya”
“Nganggo engkol?”
“Enya”
“Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?”
“Nu mana waé lah”, Abah mimiti rada ambek.
“Kacangna badé diréndos atanapi di blénder?”
“Kumaha sia !”
“Kacangna setengah mateng atanapi mateng?”
“Goréng sing garing!”
“Nganggo goréng bawang henteu?”
“Maké kéhéd!” Abah sesengor tarik pisan.
“Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?”
“Dipiringan !”
“Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?”
“Jalantah kuya !” bari ambek da geus aya sapuluh menitna.
Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.
Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui :
“Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan”
“Naha? Geus lila-lila tanya-jawab teu bisa dilaksanakeun?”
“Kumargi teu acan aya jalantahna………..”
“Bisa gélo aing ! Yu Mah indit, teu jadi dahar didieu ah !”
kuring gura-giru indit bari kukulutus.[]

































Hahahahaha simkuring seuri bari kokosehan yeuh! Lucu pisan!
Hahahahaha dasaaaar …. aruuh aruuu euuup eup huuuuh…. kehed ieu kulit beuteung nepi ka nyeri.. ha.. ha… haaa..
Awas ciah mun pendak ditakol tak sirahna ku dewek nu mosting carita di luhur, sok nyiar2 pikaseurieun bae he.. he..
Hahahahahahhahahhaa dasari pisan urang sunda. Beuki kana ngabodor teh…
Kang kengin ti mana ieu bodoran sunda teh? Lucu pisan euy!
Robot nu kitu mah kedah disundut atuh Kang. hihihihi… heuheuy deudeuh.. mani ngeunah ieu seuri….
Nuhun ah.. permios
hihihihihi
Edun, gelo siah!
Hanas geus capek2 n ngajawab, dasar robot nurustunjung!
Kang, nuhun yeuh mani ngeunah seuri
Hahahahahahha
Hihihihihi…
Aduuuuhh.. meni lucu pisan Kang!
Sip.. sip.. lah,
ubar stres yeuh. nuhun ah..
hahahahhahahaha….
teuaya kalimah nu tias di tulis deui mung tiasa nulis hahahahahhahahaha.
wakaka,,,,,nyeri beuteung kulit