Kacaritakeun….
Aya hiji jajaka muslim nu teu Juma’ahan. Manéhna kalahka ka leuweung rék moro hayam leuweung. Keur keketeyepan dina jukut nu jarangkung jeung bala, ujug-ujug papaliwat jeung sakadang Maung nu keur saré. Bakatku reuwas, bedilna murag kana jungkrang. Manéhna labuh, ngagedebru pas pisan diluhureun batu… Kraakkkk! Dua sukuna potong…
Ieu mah lain béja goréng. Tapi goréng béjana nyaéta sakadang Maung nu tadi keur saré hudang tuluy nyampeurkeun jiga nu rék ngahakan, mangkaningan manéhna geus teu bisa walakaya.
“Ya Allah,” éta jajaka ngadu’a,
“Hapunten sagala dosa perdosaan kuring pédah teu Juma’ahan dina poé Juma’ah nu mulya ieu…
Hapunten ya Allah, jantenkeun ieu Maung nu ngudag kuring, janten Maung nu soléh… Tulung ya Rab…! Amiiin….“
Sakedét nétra aya sora ngaguruh! Sakadang Maung ngarandeg hareupeun pisan éta jajaka…. Dua sukuna nu hareup dikaluhurkeun bari nyarita,
“Allaahumma baarik lanaa, fiimaa razaqtanaa, wa qinaa adzaabannaar. Amin!“[]
[Dicandak ti situs urangsunda]































Hahahahaha..
Heuheuy deudeuh…
mani lucu pisan.
Kang sing seueur atuh ngintunan bodoran teh ka ieu blog..
jadi henteu dikerekebna eta budak ?
tah eta kawasana gusti mah, maung bade tuang kado’a heula… hade-hade tah pamadegan maung teh
sae pisan !!! salut kanggo kang solohin
ah abdi mah moal komentar!!!!
cekap ku gumujeng we lah
hahahahahahahaha …………….
Kang.. simkuring teu kuat ku nyeri kulit beuetung euy!
Nyaan lucu pisan euy!
Sing seueur Kang posting nu kieu. Supados tong tegang teuing.
Angkat topi lah kanggo Kang Oleh mah.. blogna rame pisan. Eusina bermutu… tinu bodoran dugi kana masalah pulitik…
Sip Kang! Dakwah terus nya Kang! Nuhun.
Aih.. si akang, aya2 wae!!