Hiji poé, Perdana Menteri Koizumi ti Jepang arék manggihan Bill Clinton (waktu masih kénéh jadi persidén USA). Kulantaran Koizumi téh bahasa Inggris-na payah, manéhna nyalukan penerjemah. Manehna ménta pitunjuk kalimat-kalimat péndék anu biasa dikecapkeun waktu upacara penyambutan.
Ceuk penerjemah, “Sateuacana jabat tangan, ucapkeun baé “how are you?” Waktu Clinton ngabales ku ucapan “I am fine”, Bapak ungguk waé saolah-olah ngarti; teras Bapak nyambung ku kalimat ”Me too”. Tos kitu mah giliran abdi anu neraskeun ngurus perjangjian bilateralna mah”.
Pondok carita, Koizuma nepi di gedung putih. Bill Clinton geus nunggu ku upacara kanagaraan.
Kizumi: “Who are you?” (Maksudna mah “how are you”, tapi salah kulantaran rada gugup)
Bill Clinton (rada kagét): “I am Hillary’s husband”
Koizumu : “Me too…”
Bill clinton : ???!!!!?????!!!!

































Sangat menghibur,
salam kenal dari Rohis SMAN 9 Bandar Lampung
Asa aya batur puguh mun seug maca atawa nitenan situs-situs sunda teh… ngan hanjakal sim kuring mah can pati wanoh kana dunya internet..ma’lum karek pisan nyabak internet teh..padahal mah kacida mikabutuhna kana pangaweruh anu ngeuna’an sunda eh jalaran sim kuring teh kaasup guru basa sunda di slah sahiji SMP jeung SMA di Bandung paisisan.
Kukituna upami tea mah aya nu ha’at cik pang nungtunkeun kumaha carana nyaba kana blog-blog sunda.
Hatur nuhun..Cag.
Salam,
O. Solihin