Cikawung nu pinuh ku panineungan


Ah, asa ku wararaas mun nyawang mangsa katukang. Mangsa kuring hirup di lembur. Tiis ceuli herang mata. Istuning hirup pinuh kabagja. Lembur anu sanajan kaasup rada singkur harita mah, tapi tetep wae mere pangalaman hirup anu teu saeutik pangaruhna ka kuring. Tahun 80-an baheula teh. Sakola oge masih SD. Listrik rarasaan mah karak asup desa tahun 1984 mangsa kuring sakola SD kelas opat. Hirup di lembur teu jiga di kota ayeuna. Di lembur mah loba batur loba dulur. Hirup sauyunan nyieun tatapakan laku lampah anu bakal janten panineungan keur jaga nu baris datang.

Sok kasuat-suat basa kuring inget ka Cikawung. Emut kana sagala panineunganana. Cikawung teh tempat urang lembur ngala cai, mandi, atawa nyeseuh pakean. Cikawung, duka siga kumaha ayeuna. Meureun geus beda tinimbang salawe atawa tilu puluh taun katukang. Harita mah kuring jeung budak lembur ilaharna sok nganjangan ka Cikawung paling sauetik sapoe dua kali. Isuk jeung sore. Salian beberesih awak, kuring oge kabagean ngala cai. Jang inumeun atawa jang abdas unggal poena pikeun di imah. Ngala caina teh sok ditanggung make rancatan awi. Leutik-leutik oge awak kuring harita mah kaitung kuat. Nanggung kompan eusi cai sapuluh literan di katuhu jeung kenca. Kuring sok ngajarigjeug teu kuat ngamimitian nanggung teh. Tapi beuki lila beuki kuat. Alatan ku biasa tea meureun. Aya batur kuring anu tanagana rosa pisan. Ngangsu cai oge unggal isuk aya kana lima balikna samemeh manehna mangkat sakola. Kuring mah ari kudu kitu-kitu teuing teu wani. Daek soteh pedah bae aya batur. Era piraku batur mah rikat ngabantuan kolotna, ari kuring ngadon huleng jentul. Jadi wae kabawakeun rikat. Sanajan ngan sapoe dua kali ngala caina. Eta oge sakalian beberesih awak.

Unggal poe ka Cikawung teh. Komo mun usum halodo panjang mah, pasti kudu ka Cikawung ngangsu cai. Usum halodo panjang mah sok gura-giru paheula heula ka Cikawung. Paisuk isuk bisi teu kabagean mandi anu tuntungna kabeurangan mangkat ka sakola.

Cikawung geus ngahiji dina ati kuring jeung rea urang lembur anu saban poe teu weleh ngalongokan ka Cikawung. Caina ngagolontor gede pisan, teu saat saat. Mun teu salah mah aya kana genep pancuran beusi anu ngagurujugkeun cai. Etukna sigana di handapeun tangkal dangdeur nu gede kacida. Tempat pamandian jeung nyeuseuh pakean teh palebah dinya pisan. Lamun nenggak ka luhur teh katingali lungkawingna gawir. Tempat pamandian awewe jeung lalaki dipisah. Kuring mah keur leutik sok seseleket ka pamandian awewe rek ngeusian kompan ku cai nu ngagenclang herang pisan.

Biasana, ka Cikawung pasosore teh sakalian mandi jeung netepan ashar. Tajugna aya. Lumayan alus. Pipindingna dijieun tina anyaman awi. Beres netepan ashar, kuring jeung babaturan tara langsung balik. Kalahka arulin heula. Ilaharna barudak sok ngadon ngala beunceuh di kebon sampeu anu aya di sabudereun pamandian. Atuh awak jadi kesangan deui sanajan geus mandi oge. Memeh maghrib karak bae baralik mawa cai, mawa beunceuh, aya oge babaturan mah ngadon ngalaan paray jeung hurang di walungan deukeut dinya.

Sapanjang jalan uplek ngawangkong. Sakapeung mah mopo dina tanjakan sanggeus ngaliwatan cukang anu dijieun tina anyaman awi baradag. Cukang eta ngahubungkeun jalan anu kapegat ku gawir anu lungkawing. Sok ngawawaas, kumaha lamun ragrag ka dinya. Ih.. amit-amit!

Dina waktu reureuh tina kacape nanggung cai, bari ngaso biasana kuring jeung babaturan sok hareureuy anu ditembalan ku seuri akey-akeyan lamun nyaritakeun kajadian lucu. Lamun kabeneran aya babaturan awewe anu ngaliwat bari nyuhun seuseuhan di hareupun kuring jeung babaturan,  sok terus digaronjak. Maranehanana sok eraeun bari gura giru manjangkeun lengkahna muru lembur.

Ah, nyaan waas pisan mun emut ka jaman ka tukang. Ayeuna mah cok beja, Cikawung tos jarang dianjangan ku urang lembur basa pamarentah ngocorkeun cai ledeng ka unggal lembur, kaasup lembur kuring. Ti harita, kuring mah geus ngumbara di Bogor. Neruskeun sakola. Tahun 1989 ka Bogor teh nepi ka poe ayeuna. Jadi lamun emut ka lembur di Desa Legok teh, inget oge ka sagala panineungan di Cikawung. Duh, eta tangkal dangdeur mani siga ngagupayan bari merean cai. Tiis palebah dinya mah.

Duka kumaha kaayaan ayeuna. Sabab aya carita oge, yen di lembur teh nuju ngagalaksak pangusaha galian C, ngeruk keusik unggal poe  anu aya di sabudeureun lembur, ti kidul, ti kaler, ti kulon, ti wetan. Keusik diangkut terus tiisuk nepi ka isuk deui. Kuring mikir, lamun terus digalaksak, kumaha nasib urang lembur?

Cag ah, sakieu heula anu kaemutan. Punten ka para saderek anu maos ieu seratan, bilih aya basa anu teu merenah jeung teu raos diaosna. Hapunten, manawi tos lami teu nyerat atanapi nyarios Sunda anu sae.

Salam ti simkuring,

O. Solihin

Iklan
Kategori Coretanku, Kenangan-kenangankuTag , , , , , ,

4 thoughts on “Cikawung nu pinuh ku panineungan

  1. Nyaan waas pisan kang, sok pak seredet hate mung seug nyungsi lalampahan keur leutik di lembur, asana pinuh ku ka bungah teu acan gaduh ka susah

    1. Leres Kang. sok kasuat suat ka jaman ka tukang. Hatur nuhun pairanna (komentarnya) 🙂

  2. Matak waas nineung harita, paduduaan sareng si akang sayah, ari ku cinta mah, ngaleguk cinyusu di Jayagiri asa kenging lotre endog cakcak tilu dibulen kertas, cilukbaa… No. 7, hiji sarimi. Hahah.
    Teu nyambung. Wios ah…

    1. hehhe.. keun wae lah teu nyambung oge 🙂 nuhun

Kantunkeun Balesan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini:
search previous next tag category expand menu location phone mail time cart zoom edit close