PERE minggu kamari, Si Bedegong sabatur-batur ngayakeun kemping ka Cikole. “Kade euy bagi-bagi tugas,” ceuk Si Bedegong hideng ngatur batur.

“Maneh Dodo purah ngala pangpung keur pisuluheun. Maneh mah Eje, purah nyangu we jeung masak emih. Kade euy asin teuing. Tah, mung maneh duaan, heueuh, Ija jeung Teten, giliran tugur. Ngaronda nya bisi aya mara-bahaya sabot batur keur hees,” pokna mani bentik-bentik bae curukna.

“Maenya ukur uing duaan nu jaga, ari batur?” Si Teten protes.

“Ari maneh, ari kabehan kudu jaga mah, nya keur nanahaon atuh nyieun tenda? Saha anu deuk nyareanana?” ceuk Si Bedegong.

“Teu, teu adil. Ari ilaing atuh naon tugasna?” ceuk Si Ija ka Si Bedegong.

“Har? Kapan uing mah jadi pamingpinna atuh. Tutah-titah babagi tugas teh merlukeun daya pikir deuleu, sabab kudu ngimeutan kamampuh anggota. Mun salah nempatkeun jelema, organisasi teh bakal ripuh. Tah, kareugeujeugan organisasi teh kusabab aya pamingpin anu hebat,” tembal Si Bedegong nepak dada.

“Hebat nya ilaing teh? Jeung barina oge, nya saha atuh nu milih ilaing jadi pamingpin?” ceuk Si Dodo.

“Ari maneh, Dodo, ngadon neangan masalah. Maneh teu sanggup tugas ngala pisuluheun? Meunggeus atuh montong milu kemping!” Si Bedegong nyentak. Diancam kitu mah Si Dodo teh murungkut, padahal biasana mah sok narawelang ngalawan. Sanajan euweuh nu ngangkat, ahirna mah Si Bedegong teh tetep jadi ketua rombongan.

Di tempat kemping, ti mimiti ngadegkeun tenda nepikeun ka nyieun durukan keur masak dahareun, Si Bedegong mah ukur tutunjuk we utah-etah. “Geuwatkeun atuh masak teh mani leleda kieu? Nyaho teu sakur jalma geus lalapar?” ceuk Si Bedegong ka Si Eje.

Ku sabab dahareun can asak bae, Si Bedegong mah goledag bae hees di jero tenda. Hudang-hudang teh curinghak sabab mireungeuh wawadahan keur tingtarangkub kalotor.

“Mana sangu? Mana emih? Naha geus beak diharakan ku maraneh?” ceuk Si Bedegong kokotetengan.

“Geus beak Gong. Pan ceuk ilaing kabeh geus lalapar…,” tembal Si Eje.

“Heueuh, ari uing mana teu diagehan?”

“Har… kapan ilaing mah utah-etahna ukur kitu, teu nyebutkeun kudu ngabagi dahareun!” ceuk Si Eje. Nu sejen unggeuk, panuju kana jawaban Si Eje.

Nyaho asa diperdaya ku babaturanana, ngan nging bae Si Bedegong ceurik.

“Meunggeus Gong, pamingpin mah ulah cengeng. Jeung kapan ceuk Bu Guru oge pamingpin mah kudu daek korban keur kapentingan anak buah!” Si Dodo ngupahan.

“Isukan mah uing rek jadi anak buah we, ah…,” tembal Si Bedegong jamedud.[]