Dina hiji mangsa, kacaturkeun aya hiji jajaka gandang nu keur néangan pipamajikaneun. Manéhna ngumbara ka unggal lembur jeung dayeuh, ti gunung tepi ka laut, malah tepi ka leuweung sagala..
“Kusabab aing kasép, pamajikan ogé kudu geulis, kudu sampurna kageulisanana, sangkan turunan aing karasép jeung gareulis” pokna téh.
Singgetna, manéhna papanggih jeung hiji lalaki kolot nu ngabogaan 3 putri nu gareulis kawanti-wanti. Kulit hejo carulang, biwir ngagondéwa, gado endog sapotong, jeung saterusna…. jeung saterusna…
“Aki, nembé ayeuna kuring ningal istri2 anu sakitu gareulisna. Sim kuring téh nuju milari pibojoeun. Manawi diwidian, salah sahiji putri aki badé dijantenkeun istri ku abdi.”
“Aéh-aéh, kasép, sanajan tiluanana ogé mangga téh teuing, aki mah rido.”
“Ah, moal atuh ki, ageung teuing waragadna, oge bilih janten présédén awon engké pami diliput ku média infotainment.”
“Oh.. saé.. saé ari kitu mah!”
“Nanging, abdi téh bingung, kedah milih anu mana….”
“Teu kedah bingung kasép, mangga waé ditingali ti luhur satungtung rambut, ti handap sausap dampal. Nanging tengah2na mah teu kedah nya kasep, pamali!”
“Ah, teu kedah ditingal tengahna mah atuh ki, tos kabayang ieuh ku abdi ogénan.. héhé..”
Sanggeus dititénan…
“Aki, punten, si bungsu téh geuning gaduh cacat sakedik, saleresna mah teu katingal, nanging ari diperhatoskeun mah geuning éta cepil nu kénca langkung alit batan nu katuhu. Atuh nu nomer dua ogé ngagaduhan cacat sakedik, malah moal katingal, éta indung-sukuna geuning ageung sapalih.”
“Dupi si cikal kumaha adén?”
“Perfect!”
“Tos yakin, Kasép?”
“Absolutely!”
“Mangga atuh ari kitu mah…”
Singget carita, manéhna kawin jeung si cikal. Kacida bagjana manéhna ahirna bisa meunangkeun pamajikan nu geulis tur sampurna. Sababaraha bulan ti harita, pamajikanana ngalahirkeun, orokna lalaki, keur hideung teh, goreng patut deuih..
Manéhna bingung, tuluy tatanya ka si aki naha bisa kajadian bapana kasép indungna geulis, tapi anakna goréng patut kitu.
Si aki ngajawab,
“Sabenerna si cikal téh boga cacat saeutik, malah teu katingali.”
“Naon tea ki?”
“Harita manéhna téh geus kaburu reuneuh…”[]
[dicandak ti situs urangsunda]
Ngiring nimbrung kang. Salam
Ulah sok pipilih menang nu leuwih koceplak menang nu pecak
kitu saur Abdimah ………..mangga atuh……….h
dimana abdi lamun bade meser buku kabayan nu seur bobdoran sunda tapi anu klasik??????
Haturnuhun akang dugi ka kaluar cipanon da ku lucu2 na ieu carita teh… Hahahahahaha……
Abdi teh dahaga pisan ku tulisan, puisi, guyonan, carpon jeng sajabana anu basa sunda…
kapungkur mah waktos di Sukabumi, kitu deui waktos di Bogor. gampil pisan milarianna, tapi ayeuna di Makassar sesah pisan.
Upami tiasa nyuhunkeun bantosan tulisanna….
atanapi buku atawa naon wae
abdi tiasa di hubingi di 0815 635 635 89
hihiii……jadi ngeri kalo sampai kejadian ama diri sendiri, gimana yah kalau ‘ntar saya ngalamin kejadian kyak gitu……..hehehe.
tapi ceritanya bukan penalaman pribadinya kang O solihin kan?……… becanda.
salam kenal aja mas, ceritanya loecoe.
Tapi omong2 kasih tips’nya donk biar dapet istri yang cuaaantik, hehe
mksih!
Ma’nyos lah….bari jeung teu ceperti ngartos oge. Nuhun kang….!!! jadi isin ngumbara ka kalimantan euy…
parukan mah neangan jiga nu kitu, padahal mah…duka teuing abi oge teu terang…he..he..salam kenal kang.. situsna ok pisan euy..
aduh kang……kagak ngarti nih he..he..
salam kenal
haha eta teh nu disebat ngarwu kusiku tea kitu kang? 😀
enang nu leuwih…nya da gusti mah maha adil atuh hehe