Assalaamu’alaikum wrwb
Hatur nuhun tos tiasa kersa rurumpaheun ka blog simkuring. Mugi para saderek ditangtayungan ku Alloh Swt. Dina ieu kintunan di blog, simkuring bade masihan link download ceramah basa Sunda anu judulna: “Kisah Kyai Achmad”. Dicarioskeun ku Ki Balap (setrip miring) KH Mohd Arief Soleh. Mangga di download dina link di handap ieu:
- Kisah Kyai Achmad (bagian 1)
- Kisah Kyai Achmad (bagian 2)
Mugi aya mangpaatna. Sumangga bilih bade didangukeun 🙂
Salam,
O. Solihin
UPDATE: Ti kawit kaping 13 Agustus 2012 dugi ka danget ieu (kaping 11 Maret 2020), anu ngunduh tos langkung ti 100 rebu (bagian 1), bagian 2 langkung ti 90 rebu. Mugia aya mangpaatna:
===
Tertarik membeli buku-buku terbaru saya di bawah ini?
Silakan hubungi GERAI SAUSAN (WA/SMS: 0857-1078-2955). Ada diskon menarik!
Manawi gaduh kisah sunu budak hideung sim kuring meni peryogi pisan hatur nuhun
Teu acan gaduh. Insya Allah upami tos aya diupload. Hatur nuhun.
Pami aya nu ka 3 sareng nu ka 4 kintunkeun hatur nuhun
Kaleresan teu acan gaduh. Insya Allah upami tos kenging diupload. Nuhun 🙂
mani raos pisan
pami tiasa sa enggala kisah ahmad nu ka 3 sareng ka 4,,, haturnuhun
nu bagian 3 sreng 4 teu gaduh mang …. ?
aya nu lain dei kang salain judul ceramah kiyai ahmad???
Teu acan aya deui. Insya Allah upami aya deui diupload 🙂 Nuhun.
assalamualaikum…
kiayi mana nu sanesna sahibul hikayatna..abdi peryogi pisan, diantos nay waleranana..
‘alaikumussalam. Punten Kang, teu acan gaduh nu sanesna. Insya Allah upami aya engkin diupload lah 🙂 Nuhun.
aduh hampunten kang eta koment abdi kalahkah nganggo nami rai ipar abdi….
upami gaduh wejangan nu sanes pasihan terang kang….
hatur nuhun
subhanalloh….
meni murinding ngadangu sowanteun pak kyai emut nuju keur alit sok ngadangukeun wejangan pak kyai dina radio, … teu acan mendakan deui kyai sapertos kyai balap
aya nu sanesna teu ki balap kang ?? salam kenal ti urang tasikmalaya
Kalerasan nembe aya nu ieu wungkul Kang. Salam kenal oge atuh 🙂 Nuhun tos kersa rurumpaheun ka blog simkuring.